CeritaKu


Oleh : Moh Ramdan Nurul F
Pelajaran : Bahasa Sunda
Judul Dongeng : Anak Buta

ANAK BUTA
Aya hiji lembur, dimana lembur eta teh keur geger kusabab aya hiji awewe anu nyampak-nyampak reuneuh jaba eta awewe parawan keneh, lungguh, bageur jeung geulisna kacida. Cenahmah awewe eta reuneuh teh nyaeta garagara buta, jaba buta na oge lain buta biasa tatapina raja ti sakabeh buta ngaranna teh Jonbra, manehna kasohor buta panggalak jeung pang kuatna, tapi bijaksana, nyaeta anu ngalarang buta-buta maehan manusa sakahayang sakarepna.
Tapaina saengges awewe eta ngajurukeun eta budakna eta budak mun di tinggali-tinggali jiga lain budak buta, anu biasana beungeut but amah pikasieneu pisan, kusabab eta orok teu mangrupakeun buta tapi rupana kasep jiga manusa biasanangaran eta budak the nyaeta Tiaska, atawa babaturnna sok manggil Tia hungkul.
Sapopoe na si tia biasa-biasa wae jiga anak manusa nu lain, nepiken si tia geus nincak umur 20 taun aya hiji kajadian dimana aya buta nungamuk kulantaran euweuh pisan sasajen di leuweung anu biasana unggal bulan sok nyampak, nyampak iye euweuh puguh atuh eta buta ngamuk di leuweung, da ceuk si tia tong mere deui sasajen ka buta eta kulantaran eta buta euweuh gunana pisan tara ngabantu ka urang-urang acan, terus cenah mun aya nanaon manehna rek tanggung jawab.
Kusabab si tia kasohor teu borangan kanu sagala hal naon bae, jeung erek ngabuktiken janjina si tia sosoranganan nyaingharepan eta but anu ekeur ngamuk di leuweung tea, tapi teu kanyahoan si tia aya 3 babaturanna anu nuturkeun di tukang nyaeta si enit, si engkus, jeung si ucup. Saengges nyampe di leuweung eta si tia ngomong loba ka eta buta, tatapina eta buta teu tarima omongan si tia kulantaran si tia manusa biasa terus leutik keneh, jadi si tia rek di jadikeun padaharan eta buta.
Si tia oge teu cicing wae nganyahoan manehna erek di dahar ku buta, biricit lumpat si tia bari mikirkeun cara kumaha sangkan bias ngelehken eta buta, sanajan awak manehna jauh pisan leutikna mun di bandingkeun jeung eta buta, teu di sangka-sangka eta buta eren dinu hate si tia naha bet teu di berik deui, pas si tia malik ka tukang dinu leungeun eta si buta aya si enit anu gogoakan kulantaran sieun di dahar ku eta buta, jeung dinu leungeun hijina deui dua babaturanna anu sarua gogoakan sieun di dahar.
Teu tarima melong babaturan manehna erek di dahar ku buta eta si tia ambek pisan ka eta budak jeung ambekna oge teu jiga biasana, ieu mah si tia ngadadak jadi buta awakna ayenamah sarua gedena jeung eta buta, buta eta oge olohok kulantaran awak eta budak jiga si jonbra nyaeta raja buta tea, ku ninggali kitu eta buta ngaleupaskeun babturan si tia dinu leungeunna teh terus eta buta menta hampura ka si tia.
Tapi si tia ges kagok ambek pisan ka eta buta langsung weh eta buta digelutn ku si tia eweuh ampun pisan nepikeun ka eta buta sakarat. Babaturana olohok ti tatadi kahiji si tia barubah jadi buta terus ayenamah sadis pisan buta anu geus menta hampura ka manehna tapi teu di denge ku manehna. Nyampak-nyampak bijil du buta di jero leuweung si tia oge ngajenghok terus aya dinu posisi siaga rek geulut dei, tapi eta buta duaan lain rek gelut tapi rek menta hampura ka si tia jeung rek mawa buta nu ngjongkeng gara-gara si tia.
Geus weh eta buta-buta teh baralik, si tia oge brobah deui jadi manusa biasa da nafsuna ges lengit, si tia talatah ka babaturanna yen kajadian ieu tong di beja-beja ka sasaha kulantaran manehna sien masarkat jadi ngewa ka manehna jeung ka kulawargana, terus eta babaturan nu tiluan oge satuju yen moal di beja-beja ka batur.

No comments:

Post a Comment